Skip to content Skip to sidebar Skip to footer

Pupuh Maskumambang

PUPUH MASKUMAMBANG
Laras                      : mandenda / nyorong
surupan : 4 = T

BEBAS WIRAHMA

Itu kusir bangun ambek-ambek teing
Turun tina delman
Kuda dipecutan tarik
Teu aya pisan ras-rasan

Teu ngaraskeun bong kena ka sato laip
Padahal mogokna
Lantaran ges cape teuing
Hayang ngaso eureun heula

Coba lamun aya nu nenggel ka kusir
Ges tangtu karasa
Nyeri moal salah deui
Sato ge kitu sarua

Tandak panambih : PUPUH MASKUMAMBANG
Gerakan : sedeng
Naha abong abong teuing
Nasib abdi jadi hewan
Digawekeun berang peting
Dirangket taya ras rasan

Abong kena abdi sato teungarasken kana cape
Sadidinten paeh poso
Mogok soteh awak lunges

Coba kusir mun di peupeuh
Pasti nyeri karasana
Sato oge tangtu leumpeuh pada-pada boga rasa
Ruslan
Ruslan Seseorang yang suka menulis dikala senggang, hobi makan bakso dan suka ngajak jalan-jalan istri